Friday 15 May 2015

Parafrase Lirik Lagu Sunda



DURIAT
Cipt. Doel Sumbang & Sugandi

Dina hate kuring anjeun cicing
Dina hate anjeun kuring cicing
Bener-bener henteu bisa ngejat
Dibeungkeut ku tali duriat

Sanajan loba nu daratang
Pating kuriling neangan lawang
Pating kaletrok kana panto hate
Tapi ku urang teu dipalire

Duriat teu bisa digantian ku rupa
Duriat teu bisa dihilian ku harta
Duriat teu bisa di aya-aya
Duriat datangna heunteu kapaksa

Dikotretkeun dina hate tidituna
Diguratkeun dina rasa tidituna
Dibuka di baca ku urang duaan
Di jaga di riksa pinuh rasa ka heman

Parafrase :
          Tembang ieu ngagambarkeun yen dina hate kuring ajeunna cicing, dina hate anjeunna kuring cicing. Bener-bener henteu bisa indit lantaran kabeungkeut ku tali duriat.
          Sanajan loba anu daratang, nguriling lawang neangan panto hate tapi ku urang teu dipalire.
          Duriat teu bisa digantian ku rupa naon-naon oge, duriat teu bosa dihilian ku harta lantaran duriat sakitu hebatna. Duriat teu bisa di aya-aya tur teu bisa dipaksa.
          Dikotretkeun dina hate ti dituna. Diguratkeun dina rasa ti dituna. Dibuka tur dibaca ku duaan, tur dijaga  di riksa pinuh ku rasa ka heman.


DINA AMPARAN SAJADAH
Cipt. Doel Sumbang
Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya daya

Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Mundut panghampura Gusti
Ya Allah Robbul 'izzati

Taya deui
Panglumpatan
Taya deui 
Pamuntangan
Mung Allah pangeran abdi
Pangeran anu sajati

Parafrase :
         Tembang ieu ngagambarkeun hiji jalma anu sujud dina amparan sajadah, pasrah sumujud diri nu lomokot ku dosa, nyanggakeun sadaya-daya.
           sumujud pasrah dina amparan sajadah, menta panghampura Gusti Alloh ya Robbul 'izzati.
           Mung Alloh pangeran anu sajati. Teu aya deui panglumpatan. Teu aya deui pamuntangan.

by:sukmawati

No comments:

Post a Comment